Niat ingsun moal ngaganggu
rek mohokeun kanu ngalangkang
mindah rupa, ngajirim dina raga kokoncoranna
Disambat memang sok datang,
ditilik diteulek-teulek,
kadang ayaan, kadang eweuhan,
na kudu kumaha nya lumampah,
rek miang ka harep nu ti tukang montel pageuh,
teu bisa dilesotkeun,]
babakuna mah pedah geus panggih jeung anjeun
Teu bisa nyalahkeun kasaha-kasaha
anging tumamprak ka gusti nu maha suci
nu gaduh kawasa ngusik malikeun sadaya kahirupan,
sampura sun !!!!