Dipikir-pikir beuki kapikir, dirasa-rasa beuki karasa, kaduhung sagede gunung, ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Sihoreng kieu geuning ari hate teu diajak badami teh, katalangsara.
seurina kuring moal aya nu nyangka yen kuring lain jalma nu bagja, kuring seuri ngan hayang katempo kujalma yen kuring jalma nu geunah tumaninah, padahal duh ampun paralun kuring teh nu pangsedih-sedihna sadunya mun andika hayang nyaho mah.
loba teuing karunyaan teh geuning salah jadi malik ka awak sorangan nu geuringna, kudu kumaha atuh kuring nya lumampah, dibejaan teu ngarti-ngarti, dibawa lemes teu nyaho maksud, dikasaran kadon geuring, dibere pituduh kalahka ngambek. Duh ampun......
kuring mah teu siga batur bisa unggut-unggut jiga buek, tapi ditukang mah ngajebrod ninggang tonggong, kuring moal kitu, dagoan wae, kuring mah rek tandang cumarita siga satria, kuring rek wakca, eusi jero hate kuring ka anjeun teh sabenerna kumaha atuh disebut bogoh da kuring mah tara melang, disebut sieun kaleungitan kuring mah tara neang, rek balik rek heunteu rek boga kabogoh deui paduli teuing teu cemburu-cemburu acan sukur wae nu aya. Ngan hanjakal si eneng ening geus ikrar sumpah baheula.
Duh eneng ening kutega nya anjeun, kuring teu diajak badami, ening mah sagala rupa teh hayang kataji kubatur, teu mirosea ka diri kuring nu geus lila marengan anjeun dijero beuteung.
Mangga emutan neng ening......
Duh eneng ening kutega nya anjeun, kuring teu diajak badami, ening mah sagala rupa teh hayang kataji kubatur, teu mirosea ka diri kuring nu geus lila marengan anjeun dijero beuteung.
Mangga emutan neng ening......