Senin, 06 Desember 2010

Jumeritna hate

Kunaon atuh kuring  sok kesrek usum-usuman, ti mimiti lebah bitis nepi ka mumuncungan, cik atuh nini panyakit mah tong diturun-turunkeun, Kieu geura caritana :


baheula nini kuring sarua jeung kuring sok ateul usum usuman, panggih jeung aki nu ahli ngubaran  terus dijampe  tepikeun kacageurna malah mah daek dipigarwara duka teuing jadi istri kasabaraha  

tapi kuring sok karunya ningali nini teuing bogoh teuing heunteu ka aki teh, da sok disebut tungi, cenah mah siga nu  eweuh kahayang (sumuhun dawuh), disebut bodo da bisa maca, disebut jalma teu boga da bapana jalma aya tukang dagang, komo deui akina mah lebe/ pagawe desa zaman baheula.

nini kuring najan cicing dikampung bisa maca, da diajar  kukolotna, komo deui lanceuk nini  paling pinteur ngajarkeun basa sunda buhun ka kuring bari jeung kuringna asa inget ase heunteu dan diajarna keur umur 5 tahun, kaduhung baheula kuring teu loba tatanya na saha atuh luluhur-luluhur kuring, lain kuring hayang balik ka mangsa katukang, tapi kuring aneh panggih jeung hiji lalaki nu teu weleh  kaimpi-impi, ceuk ngimpi mah manehna teh babaturan kuring ti zaman buhun.

kajeun teuing rek disebut geuring kubatur, kuring  mah moal  ngahesekeun batur, barang injeum kabatur oge kuring mah teu wani, arera teuing, komo deui punta penta mah ampun parulun, lain kuring ngarasa jalma nu beunghar, tingali sapopoe kuring nu saayana, dahar oge seringna sangu bodas jeung seupan sayur kuring mah teu sarua  jeung batur padahal lila ngumbara dikota 

disebut urang gunung da kuring mah cicing dikota, disebut jalma bodo da kuring mah gaul nyakola, disebut beungeut kampung da ceuk batur kuring mah geulis kota, disebut jalma cageur da ceuk batur kuring mah kalakuan rada beda jeung batur. Eta oge kabeh ceuk batur cenah nini

keun bae kuring moal kapangaruhan jalma lieur, hirup kuring moal ngahesekeun batur. Najan awawe moal loba kasieun, kuring mah wani sanajan nemahan pati komo deui geus nyangkut kana "HARGA DIRI"  kajeun paeh nahan kanyeri daripada hirup  kawiwirangan

kuring mah teu siga batur " adean ku kuda beureum" ginding ku injeuman barang batur, cukup nu aya dipake, nu eweuh tara diaya-aya,  kuring mah rek ngajennan ka turunan supaya tetap aya ZIMA an

Ampun paralun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar