Selasa, 31 Mei 2011

Katresna

Kangmas nu pangkasepna satanah Jawa,
siganamah panggagah saalam dunya
kitu so teh ceuk sim kuring bakat kureusep.

Sim kuring sono pisan ka anjeun teh
saupami urang patepang
kahoyong mah ngarangkul bakat ku nineung
asa lawas nembe pependak

Na kumaha carana sim kuring
sangkan bisa nyacapkeun katresna
nu moal luntur kuwaktu, leungit kugantina zaman

Tapi dalah kumaha atuh,
geuning kahayang ngan saukur sawangan
da geuning ari tos tepung mah, sim kuring ngadadak sok bingung
rek dirampa siga lain anjeun, teu dirampa da kuring tibelat wae
antukna kuring ngajeungjen siga patung

Jauh dipikatineung, anggang dipikamelang
ari geus deuket mah siga maung nu kabanjur
teu daya teu upaya,
sihoreng teh sim kuring mah tundukna kurasa asih

Padeuket paur jadi matak, antel kulit jadi kusieun
tapi ari anjeun tos mulang hate teh kabengbat deui
tibelat kapapanjangan........

Saupami salamina sim kuring kieu
na kasaha kuring teh kedah tatamba
meh teu salamina kalangkang anjeun marakayangan
dititah nyingkah malik pageuh, dititah indit ngadon murudul kanu ngimpi

Hampura nya......
kuring teh lindeuk-lindeuk japati
da bongan kalangkang anjeun nu nembongan ngaheureuyan


amit mundur amit mungkur sanajan raga papisah jeung anjeunbatin mah teu bisa dibohongan ngan diri anjeun nu paling dipikatineung
da anjeun mah ti kapungkur oge baraya kuring

1 komentar:

  1. mantapp jangan lupa mampir ke blog saya https://japatieverybody.blogspot.com/2023/10/japati.html?m=1

    BalasHapus